Solat

Solat
Rukun iman anu ka 2
Solat mangrupakeun ibadahna umat islam, praktek solat kudu sarua jeung anu di laksanakeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW, ti mimiti praktek hudu nepi ka beres na solat, ku kangjeng rosul atos di contoan pikeun nyumponan parentah alloh.
Solat cek bahasa nyaeta doa ari cek istilah nyaeta kagiatan ibadah anu di mimitian ku takbiratul ihram jeung di tungtungan ku salam. Solat di bagi jadi dua nyaeta:
Solat fardu jeung solat sunat, solat fardu nya eta sholat anu wajib di laksanakeun. Solat fardu oge ka bagi dua nya eta fardu ain jeung fardu kufayah
Fardu ain nyaeta kawajiban anu di wajib keun ka mukalaf langsung ngait dirina sorangan jeung teu bisa di tinggalkeun atawa di pigawean ku batur, saperos sholat lima waktu jeung solat jumat(fadu ain ker lalaki)
Fardu kifayah nyaeta kawajiban anu di wajibkeun ka mukalaf anu henteu langsung ngait ka dirina, kawajiban eta jadi sunat saengges aya jelema anu migawe. Tapi lamun eweh nu mingawean urang wajib nga gawean jeung bakal dosa lamun eweh nu migawean, sapertos sholat mayit
Jadi solat fardu mah wajib di pigawean tapi lamun teu di pigawean bakal dosa
Solat sunat nyaeta solat-solat anu di sunatkeun tapi henteu di wajibkeun. solat sunat oge di bagi jadi dua nyaeta:
Solat sunat muakad nyaeta solat sunat anu mapatahan (ampir ngadeketan wajib) sapertos dua hari raya ,solat sunat witir jeung solat sunat towaf.
Solat sunat goiru muakad anu mapatahan teu kuat  sapetos solat sunat rawatib jeung sajabana.
Jadi solat sunat mah lamun di pigawe menang pahala lamun di tinggalkeun moal dosa.

Komentar

SERBA ANEKA

CARA MEMBUAT MAKALAH DENGAN BENAR